Pupuh Pangkur Kagegelan ti Abah Cholas (Drs. Choliludin, AS, MA)


Dina Raraga Milang Kala ka-VIII Keluaraga Besar Mahasiswa Galuh Jaya

     Paguyuban Galuh Jaya
Lalampahan Anjeun nepi ka kiwari
Milang Kala Ngitung Waktu
Dalapan Taun ka Tukang
Waktu anu geus Kalarung
Rahayu Jauh Balai

    Paguyuban Galuh Jaya
Mahasiswa anu asal ti Ciamis
Pajauh ti lembur matuh
Nyuprih harti nyiar luang
Ngojayan Elmu panemu
Ngudag kahayang hareupan
Kadigjayaan nu di pamrih

       Diajar ulah kabengbat
Ulah kagoda ku araruni
Kabongbroy ku nu teu puguh
Kabawa sikaba-kaba
Balukarna bakal lapur
Beak waktu beak banda
Tuna elmu sepi harti

      Kade ulah lalawora
Bawa diri poma kudu ati-ati
Kajurung ku hawa nafsu
Bakal goreng balukarna
Kaduhung Saumur-umur
Sangsara salawasna
Leungit ajeun harga diri

       Abah saukur ngingetan
Ka aranjeun jajaka jeung wanoja ge sami
Milampah waktu kapayunTemen wekel tur perceka
Waktu tong dihambur-hambur
Gunakeun masing daria
Sangkan nanjung hirup-hurip.

Leave a respond

Posting Komentar