CIAMIS RAWUH KA GALUH

Ku : Achmad Dase

Sumber : Mangle No. 1765 15 Juni 2000

Lamun urang geus maca sajarah Galuh anu aya patalina jeung kajadian timbul sarta digantina Galuh jadi Ciamis, saterusna ditambah deui ku carita-carita lisan nu lawas sumebar, saenyana bisa dipake pikeun ngajawab pananya bieu, sanajan pinuh ku bangbaluh kapanasaranan jeung kacurigaan.

"Naratas Sajarah Galuh Ciamis,"Taun 1999 M, dikumpulkeun jeung disusun ku H. Djaja Sukardja, Kasi Kebudayaan Kandep Dikbud/Nas Kab. Ciamis. Diseubutkeun ceunah ," .... Pembangunan kota Ciamis sebetulnya dimulai ketika pemerintahan Pangeran Sutajaya (1815 M) .... dan tempat itu (calon kota) namanya bukan Ciamis tetapi Cibatu. Nama Ciamis baru muncul ketika membangun kota itu, yaitu ketika akan mebendung susukan Cimemen ternyata banyak ikannya, dan ikan itu amis (hanyir). Kata amis oleh Sutajaya dipakai untuk menghina orang Galuh, dan lahirlah kata Amis yang digunakan untuk nama kota yang sedang dibangun. Selanjutnya menjadi nama Kabupaten Ciamis ..."(Naratas Sajarah Galuh Ciamis; Taun :1999M;Bab V 80).

Ngaleunyapan jeung kapanasaran kajadian nu geus kaalaman (data sajarah) diadu maniskeun jeung rasa kapanasaranan sarta kacurigaan, nimbulkeun rupa-rupa anggapan sakumaha anu rek dijentrekeun ieu dihandap :

1. Nitenan ka sang tukang kajadian gumelerna ngaran Ciamis, anu ngandung hinaan/sinisme sakumaha anu kasebut dina salina tadi di luhur, estuning kacida pisan cetekna (teu sabaraha). tapi naha geuning naha proses satuluyna gede pisan pangaruhna kana sesebutan ngaran anu resmi, boh keur ngaran puseur pamarentahan boh keur ngaran wewengkon kabupaten. ku sabab kitu, dina ngagunakeun ngaran kasebut teh saperti anu dipaksakeun pisan ti pihaka panguasa waktu harita, sarta para kawula teu wasa pikeun nolakna, cacakan ngaran pinuh hinaan. anggapan kuring keur saheulaanan, lamun seug bener-bener make eta dadasar sajarah kajadianana, ngaran Ciamis teh teu srek kana hate, lamun sreug rak terus dipake. Iwal upamana aya sumber sajarah sejen anu leuwih otentik pikeun nguatan kana sahna eta ngaran.

2. Malurah proses sajarah satuluyna, siga pisan aya usaha anu dihaja keur ngalelepkeun kajayaan jeung kaanggungan Galuh, anu puncak-puncakna waktu Bupati Rd. Adipati Aria Kusumasubrta (1886-1914M) pupus, Walanda ngangkat Rd. Tumenggung Sastrawinata (1914-1936M) asal ti Purwakarta pikeun gagantina . Satuluyna anjeuna anu ngaganti ngaran Kab. Galuh jadi Kab. Ciamis dina taun 1916 M.(Naratas Sajarah Galuh Ciamis Taun 1999 M;Bab VI;Kaca 91). Tah lamun seug urang ngaku sacara jujur, yen hari jadi Ciamis teh kuduna make dasar kajadian eta (1916 M), tah tapi teu kitu geuning buktina.

3. Warna-warna bituna rasa nu muncul, dina wujud : keteupanujuan (protes), kareueus, katineung, kacintaan/katresna, kadeudeuh, kamulyaan, karaharjaan, kaagungan jeung sajabana, anu ditembrakeun ku ngagunakeun ngaran Galuh, boh dijero boh diluar wewengkon Ciamis, bisa jadi pikeun ngagambarkeun masih cumantelna pilsafat hirup jeung tingkah laku sapopoe, anu didasaran ku budi jeung akalna. Sok sanajan kadar atawa ajen dirina bisa jadi geus beda-beda (pangaruh: lingkungan alam, iptek jeung kabudayaan umumna). Tapi kasadaran jeung tali batinna tetep nganteng keur ngadorong rupa-rupa bituna rasa muncul sapertos anu kasebut diluhur. Upamana bae dina make : ngaran-ngaran paguyuban masyarakat, ngaran kampung/tempat, ngaran wawangunan/kantor, ngaran jelma (utamana turunan getih Galuh, anu sok make inisial "G" pikeun ngaranna, sanajan teu sakabehna), contona : Galuh Rahayu, Galuh Taruna, Kerta Galuh, SD Galuh, Universitas Galuh, Babakan Galuh, Garcita, Gumiwang, Gartimah, jeung sajabana.

4. Saterasna urang pesek perkara nyokot waktu Hari Jadi Kab. Ciamis, make tanggal 12 Juni 1642, anu geus diputuskeun dina sidang paripurna DPRD DT II Kab. Ciamis, tanggal 17 Mei 1972. Memang waktu eta teh aya kajadian penting, nyatea mindahkeun puser pamerentahan ti Gara Tengah ka Galuh Imbanagara ku Rd. Adipati Aria Panji Jaya Nagara, anu harita keur jeuneung Bupati Gara Tengah (1636-1642 M), satuluyna jadi Bupati Galuh Imbanagara (1642-1678 M, Naratas Sejarah Galuh Ciamis, taun 1999 M;Bab V:V;kaca 67-68). Tapi ngaran Ciamis mah jauh tangeh kana muncul, can disebut-sebut lamun waktu eta (12 Juni 1642 M) sidebut Hari Jadi Kab. Ciamis teh, sabab Ciamis can lahir, jeung dina mangsana gubrag ka dunya oge pinuh ku kacurigaan mawa bau hanyir (amis) jadi lewih mernah lamun disebutkeun jadi Hari Jadi Kab. Galuh.


Leave a respond

Posting Komentar