Tapi ari budaya lisan mah geus aya ti biharina. Kiwari gé saenyana mah aya kénéh. Najan henteu ubyag siga baheula. Baréto mah mun kolot keur ngéyong-ngéyong atawa maréndé budak téh, sok dipangdongéngkeun.
Budaya lisan atawa ngadongéng kiwari mimiti ngarekahan deui. Geuning sok aya pasanggiri ngadongéng. Siga sawatara waktu ka tukang, Paguyuban Panglawungan Sastra Sunda nu dirojong ku Dinas Kebudayaan dan Pariwisata Jawa Barat, ngayakeun pasanggiri dongéng dina acara miéling Poé Basa Indung Internasional.
Aya deui pasanggiri dongéng nu diayakeun di Kabupatén Garut, di Universitas Pendidikan Indonésia, Persit Kartika Chandra Kirana, jrrd. Lian ti matak reueus, teu matak hariwang dongéng Sunda baris pareum deuih.
Baheula dongéng Sunda di radio téh fénoménal pisan. Dalit jeung masarakat. Najan kiwari geus ngurangan, tapi panineunganana mah cumantél kénéh di masarakat. Kungsi hiji mangsa ngayakeun acara riung mungpulung jeung mitra dangu di radio. Ngahaja éta acara téh diayakeun ku pihak radio jeung sponsor. Tujuanana keur évaluasi, tepi ka mana aprésiasi masarakat kana acara dongéng kiwari. Dina waktu sajam satengah, ti mimiti prung tepi ka lekasan, waktu téh béak ku nu nélépon. Iklan jeung lagu mah teu kabagéan. Éta téh ciri wanci yén geuning dongéng Sunda téh masih dipikaresep.
Kitu deui nalika ngeusi dina salah sahiji acara di stasion télépisi. Télépon ti pamiarsa téh méh taya eureunna.
Siga kitu katineungna masarakat Sunda kana dongéng téh. Ayeuna kari kumaha urangna. Naha rék ditanjeurkeun atawa ditinggalkeun. Inggis teuing mun pada naringgalkeun.
Sok rajeun pinton di télévisi atawa dina acara séjénna, babakuna mah hayang ngingetan deui masarakat. Urang téh boga budaya dongéng
Dongéng gedé pisan mangpaatna keur masarakat. Nu utama, minangka média keur nepikeun misi-misi syiar. Da’watul Islam ngalangkungan dongéng, langkung gampil katampina ku masarakat. Masarakat teu ngarasa diceramahan, bari jeung teu kudu dibibitaan sawarga atawa disingsieunan ku naraka. Tos ngaguluyur wéh éta mah. Ngalagena raos pisan.
Kungsi aya sawatara lembaga di urang nu ngahaja nitip amanat ngalangkungan dongéng. Tara diuolah-ulah, komo disapirakeun mah. Sabab ngaliwatan dongéng, iber nu ditepikeun ka masarakat téh bakal téréh nepina.
Kaasup keur ngawanohkeun produk ka masarakat. Réa produk ti mimiti ubar, inuman, jrrd, diwanohkeun ngaliwatan dongéng. Saenyana mun produsén kudu jujur mah, basa nurunkeun hiji produk, média promosi nu pangheulana dirérét téh radio. Sanggeus produkna dipikawanoh, tuluy dipiara (maintenance). Biasana keur ngagunakeun média télévisi.
Sangkan dongéng bisa tetep dipikalandep perlu ditarékahan. Nu tos dipilampah antarana ngabina generasi ngora sangkan resep tur bisa ngadongéng. Aya nu keur dididik téh. Sawatara nonoman, nu sakola di SMP jeung SMA. Mimitina diwanohkeun heula kana bacaanana. Terus kana olah vokal. Da kapan béda sora awéwé jeung lalaki téh. Sora gé nu ngabédakeun mana babu, istri nu geulis, nu goreng patut, jsb. Insya Alloh engkéna nu dididik téh baris disebarkeun ka sawatara radio keur ngeusi acara dongéng.
Ngahaja mun aya acara di daérah, sok diajak barudak téh. Sina apaleun kumaha antusiasna masarakat Sunda kana dongéng. Maranéhna ulah nepi ka ngarasa géngsi pédah maké basa Sunda.
Tarékah lianna, dongéng kudu dibungkus luyu jeung situasi masarakat kiwari. Naon nu nuju trén ayeuna. Upamana baé, mun téa mah nu keur trén ayeuna téh musik, atawa kasenian upamana, naon salahna mun diselapkeun kana dongéng itung-itung bungbuna. Atawa nyaritakeun modél pakéan, buuk, digambarkeun luyu jeung kaayaan kiwari. Mun caritana horor, nu didongéngkeun téh lain horor nu hahah-hihih handapeun caringin. Tapi horor kiwari.
Nu teu kurang pentingna, naskahna. Kiwari sawatara pangarang carita dongéng, tos parupus. Saperti Wahyu Adam, Ahmad Apandi Asgar, Atang KS, jrrd. Nu aya kénéh gé geus sepuh umurna. Tradisi nyerat carita dongéng kedah aya nu neruskeun.
Kaayaan barobah, dongéng gé caritana kedah robah. Carita nu luyu jeung kaayaan kiwari nu dibutuhkeun téh. Mun baheula aya Si Buntung Jago Tutugan, sigana kiwari mah tos teu relévan. Apan Tutuganna gé tos robah jadi paimahan. Kitu deui mun nyaritakeun ngeunaan padésaan. Baheula mah nu digambarkeunna téh rajegna tatangkalan, segerna hawa, ayeuna mah kedah bénten, da réa nu geus robahna. Atuh dongéng Sunda di radio gé kudu robah.
(Ieu tulisan dumasar kana wawancara Ibnu Hijar Apandi ti Cupumanik sareng Ua Képoh).
Sumber Daluang.com
http://daluang.com/wa-kepoh-dongeng-sunda-kudu-robah/
Leave a respond
Posting Komentar