CIAMIS PULANGKEUN DEUI KA GALUH


Balaréa di Tatar Sunda umumna pada apal, yén daérah jeung pamaréntahan
Ciamis, baheulana disebut Galuh. Dina mangsa awal gelarna, Galuh téh ngaran hiji karajaan di Tatar Sunda. Leungit gelar karajaan, ganti jadi kabupatén. Sanggeus jadi kabupatén, ngaran Galuh diganti jadi Ciamis (1915).

Karajaan Galuh diadegkeun ku Wretikandayun dina awal abad ka-7 M.
Puseur dayeuhna ogé sarua disebut Galuh (tempat anu ayeuna disebut
Karangkamulyan, sakiduleun puseur dayeuh Ciamis). Karajaan jeung puseur
dayeuhna dingaranan Galuh, dumasar kana kecap “galuh” anu ngandung harti permata.

Galuh sabagé karajaan lumangsung dina waktu kacida lilana, nyaéta nepi ka
akhir abad ka-16 M. Dina tahun 1595 Galuh kaeréh ku Mataram. Kadudukanana robah tina karajaan jadi kabupatén vassal (patalukan) Mataram. Antara tahun 1705 nepi ka akhir abad ka-18 M., Kabupatén Galuh aya dina kakawasaan Kompeni (VOC). Ti mimiti awal abad ka-19 M., Kabupatén Galuh ku Pamaréntah Hindia Walanda diasupkeun ka wilayah Karesidénan Cirebon nepi ka taun 1915.

Waktu Kabupatén Galuh diparéntah ku Bupati R.T.A. Sastrawinata (1914 –
1935), éta kabupatén dikaluarkeun deui ti wilayah Karesidénan Cirebon sarta
diasupkeun ka wilayah Karesidénan Priangan. Nya harita pisan (taun 1915) sacara resmi, Galuh sabagé ngaran daérah jeung pamaréntahanana diganti jadi Ciamis. Sanajan kitu, ngaran Galuh tetep nyantél dina ati sanubari urang Galuh tug nepi ka kiwari. Dina kahirupan masyarakat, kecap “Galuh” dipaké ngaran mangruparupa widang kagiatan. Contona, jadi ngaran paguron luhur nyaéta Universitas Galuh); ngaran organisasi atawa pakumpulan, kayaning Wargi Galuh, Yayasan Galuh Taruna, Asrama Mahasiswa Galuh (di Yogyakarta), jeung réa-réa deui. Hal éta ngébréhkeun yén urang Galuh leuwih reueus ngagunakeun ngaran Galuh batan Ciamis. Pikeun urang Galuh mah, éta kareueus téh beunang disebutkeun natrat sapanjang zaman, lain pédah kiwari loba urang Sunda anu ngadurenyomkeun deui masalah jati diri.

Naon sababna urang Galuh leuwih reueus ngagunakeun ngaran Galuh batan
Ciamis? Sikep masyarakat anu ngébréhkeun kapengkuhan kana jati dirina, sakuduna meunang panowéksa (perhatian) ti pamaréntah daérah, luyu jeung kawajiban pamaréntah, nyaéta ngayomi jeung merhatikeun aspirasi masyarakat. Pamikiran éta pisan anu ngahudang ayana pameredih anu jadi judul ieu tulisan. Pikeun ngajawab éta pananya, tinangtu kudu dipaluruh kasang tukangna. Kecap Galuh jeung Ciamis kudu dikanyahokeun asal-usul jeung hartina, sarta ajén anu tumerap dina éta kecap (ngaran).

Asal-usul Kecap Galuh jeung Ciamis

Dina basa Sansakerta, kecap “galu (h)” miboga dua harti. Kahiji, sabangsa
batu permata. Kadua, putri raja anu masih kénéh lajang, tapi geus nyekel
pamaréntahan. Aya ogé anu nyebutkeun yén kecap “galuh” hartina sarua jeung “galeuh”, nyaéta bagian tengah (inti) tangkal kai anu pangteuasna. Pamanggih séjén nyebutkeun yén kecap “galuh” babandinganana jeung “galih”, nyaéta jeroning pikir. “Galih” téh “galeuhna” kalbu (ati sanubari). Ari W.J. van der Meulen (sajarawan Walanda) nyebutkeun yén kecap “galuh” asalna tina kecap “sakaloh”, anu hatina “ti walungan asalna”. Harti “galuh” nu mana anu bener? Gumantung kana dilarapkeunana éta kecap.

Kumaha ari kecap Ciamis? Ti mana asal-usulna jeung naon hartina? Ciamis
asalna tina dua kecap, nyaeta “ci” jeung “amis”. Kecap “ci” nuduhkeun cai. Éta kecap memang ilahar dijadikeun bagian awal ngaran tempat anu ngabogaan loba sumber cai (walungan jeung sajabana). Di daérah Ciamis ogé loba walungan jeung sumber cai séjénna. Kecap “amis” dina basa Sunda nuduhkeun rasa, saperti rasa gula atawa madu. Tapi dina basa Jawa mah, kecap “amis” téh nuduhkeun bau hanyir, saperti hanyir getih, hanyir lauk atawa daging, jsté.

Pikeun muguhkeun naha kecap “galuh” jeung “ciamis” ngabogaan ajén dina
kahirupan masyarakat Galuh (Ciamis), tinangtu kudu dicukruk galurna dipapay
raratan sajarah digunakeunana éta kecap (ngaran) dina kahirupan urang Galuh (Ciamis), ti bihari tug nepi ka kiwari.

Numutkeun Wawacan Sajarah Galuh, di tatar Sunda, kecap (sebutan)
“galuh” geus dipaké ti mimiti zaman méméh sajarah (prasejarah). Mimitina éta
kecap dipaké ngaran ratu, nyaéta Ratu Galuh. Sanggeus ngéléhkeun bangsa siluman, Ratu Galuh ngadegkeun nagara di Lakbok. Saterusna, kecap “galuh” digunakeun dina ngaran nagara anu diadegkeun ku Ratu Galuh, nyaéta Bojonggaluh, minangka gaganti nagara Lakbok. Éta nagara pernahna di daérah patimuan walungan Cimuntur jeung walungan Citanduy, tegesna di Karangkamulyan ayeuna (tempat di sakiduleun puseur dayeuh Ciamis).
Carita Ratu Galuh lain sajarah, tapi dongéng, sabab Ratu Galuh lain tokoh
dina sajarah, tapi tokoh dina mitos. Ku sabab éta mitos sumebar di masyarakat sacara turun-tumurun, teu karasa éta mitos téh jadi “sajarah” anu ditarima ku masyarakat (accepted history dina istilah basa Inggrisna mah).

Ajén Galuh jeung Ciamis dina Sajarah

Galuh sabagé ngaran resmi daérah jeung pamaréntahanana, mibanda ajén
sajarah anu luhur, pangpangna Galuh dina zaman karajaan. Ari sababna, Galuh ti mimiti jadi karajaan nepi ka jadi kabupatén, ngawengku waktu anu kacida lilana (awal abad ka-7 nepi ka akhir abad ka-16 M.). Dina mangsa éta, Galuh beunang disebutkeun aya dina zaman kajayaan. Kajayaan Galuh anu kacida punjulna nyaéta waktu puseur karajaan aya di Kawali, pangpangna dina mangsa pamaréntahan Prabu Niskala Wastu Kancana. Hal éta diébréhkeun dina Prasasti Kawali I. Dina éta prasasti aya kalimat anu unina kieu : “….. nu siya mulia tanpa bhagya parebu raja wastu mangadeg di kuta kawali, nu mahayu na kadatuan surawisesa ….. nu najur sagala desa …..“. Hartina : “….. nu mulya pertapa nu bagja Prabu Raja Wastu, nu maréntah karaton Surawisésa ….. nu ngawalgrikeun sanagara …..”.

Kalimah anu dijadikeun motto ku Pemda Kabupaten Ciamis ayeuna, nyaéta
“Pakena gawe rahhayu pakeun heubeul jaya di buana”, taya lian kalimah panutup dina Prasasti Kawali I. Éta kalimah téh bagian tina falsafah kagaluhan anu mangrupa amanah, sabab harti éta kalimah téh “kudu ngabiasakeun migawé (milampah) kahadéan sangkan lila jaya di dunya”.
Sajaba ti kitu, Galuh ogé ngabogaan ajén falsafah, nyaéta “Falsafah
Kagaluhan”. Éta falsafah dumasar kana pamadegan Prabu Haurkuning. Kusabab kitu, éta falsafah disebut ogé “Élmu Kagaluhan Haurkuning”. Inti Falsafah/Élmu Kagaluhan nya éta pamadegan, di antarana pamadegan yén “hirup kumbuh téh kudu didasaran ku silih asih. Ananging hirup téh teu cukup ku asih baé, tapi kudu dipirig ku budi pekerti anu hadé. Kudu aya pamilih antara hadé jeung goréng. Ari nu sok kaseungitkeun téh taya lian anging anu berbudi”.

Sajaba ti ngandung ajén falsafah, kecap “galuh” bangun miboga daya magis.
Bisa jadi hal éta balukar tina sumebarna mitos Ratu Galuh di masyarakat. Sanggeus Galuh jadi kabupaten, Galuh tetep ngabogaan ajén, tapi henteu luhur saperti keur zaman karajaan. Kituna téh kaharti, sabab harita Galuh jadi daerah jajahan. Tapi Kabupaten Galuh kungsi némbongkeun kamekaran, nyaéta dina mangsa pamaréntahan Bupati R.A.A. Kusumadiningrat (1839 – 1886), anu katelah Kangjeng Prebu. Dina mangsa éta pamor Galuh cukup luhur.

Kumaha ari Ciamis? Kecap atawa ngaran Ciamis ogé ngabogaan ajén, sabab
éta kecap atawa ngaran téh milu mangung di sajarah. Ana pon kitu, lamun
dibandingkeun jeung Galuh, ajén anu dipiboga ku kecap/ngaran Ciamis leuwih
handap batan Galuh. Aya sababaraha faktor anu matak ngurangan ajén Ciamis.

Kahiji, asal-usul kecap Ciamis basajan pisan. Kadua, kecap Ciamis henteu
ngabogaan harti anu jero sarta henteu ngandung ajén falsafah saperti kecap “galuh”. Katilu, kecap/ngaran Ciamis dipaké ngaganti Galuh, nepi ka kiwari tacan kakoréh, naon alesanana jeung tujuanana. Lamun kecap Ciamis jolna ti urang Galuh, tangtu “amis” anu dimaksud nyaéta harti “amis” dina basa Sunda. Kana hal naon éta kecap “amis’ téh dilarapkeunana? Sanajan di Galuh aya daérah-daérah anu ngahasilkeun gula kawung, tapi Galuh henteu disebut daérah produsen gula. Lamun kecap “amis’ dina harti kiasan, kiasan tina naon?

Sakumaha geus disebutkeun, kecap “amis” dina basa Jawa nuduhkeun bau
hanyir. Loba nu nyebutkeun, yén kecap Ciamis dilarapkeun jadi ngaran daérah anu asalna Galuh, cenah mimitina mah diucapkeun ku urang Jawa (Mataram). Urang Mataram nyebut kitu dumasar kana kayaan di Galuh. Dina hiji waktu di puseur Galuh kaambeu bau hanyir getih. Éta getih téh getih manusa. Mémang di daérah Galuh kungsi aya kajadian anu ngabalukarkeun ambayabahna getih manusa anu bobor karahayuan dina adu jurit atawa dihukum mati ku pihak Mataram. Kajadian anu ngabalukarkeun di Galuh bajir getih, di antarana nyaéta tragedi di Ciancang (Utama) taun 1739 anu katelah “Bedah Ciancang”. Harita Ciancang dirurug ku mangréwu-réwu barandal ti Banyumas. Mangratus-ratus barandal akhirna tiwas ku prajurit Ciancang anu dibantuan ku pasukan ti Sukapura, Limbangan, Parakanmuncang jeung Sumedang.

Lamun seug bener yén sebutan Ciamis anu jolna ti urang Mataram téh
dumasar kana banjir getih anu kungsi kajadian di Galuh, hartina sebutan Ciamis téh ngandung panghina. Naha urang Galuh narima kitu baé kana éta panghina? Dumasar kana hal-hal anu geus disebutkeun, kecap Galuh leuwih loyog, leuwih merenah dipaké deui ngaran daérah jeung pamaréntahan anu ayeuna disebut Ciamis. Cindekna mah, ngaran Ciamis ganti deui ku Galuh! Éta pamikiran asana henteu kaleuleuwihi, sabab luyu jeung ajén Galuh anu nepi ka kiwari dipikareueus ku urang Galuh.

Hapunten, sanés “goong nabeuh maneh” sareng “agul ku payung butut”, eta
pamikiran kungsi dikedalkeun ku sim kuring dina pasamoan Wargi Galuh tanggal 19 Januari 2003 anu diayakeun di Aula Unpad Jalan Dipati Ukur 35 Bandung. Kabeneran éta pasamoan diluuhan ku gegedén ti Pemda Ciamis, nyaéta Bapa Bupati sareng Bapa Sekda. Mugia baé aranjeuna masihan perhatosan, sabab sabagian Wargi Galuh anu hadir dina éta pasamoan, narima kalayan daria kana pamikiran sim kuring.

Teu mustahil, anu boga pamikiran kitu téh sanés sim kuring wungkul.
Lamun wargi Galuh reueus kana ngaran Galuh, lain ngandung harti yén urang
Galuh ngabogaan sikep sukuisme. Éta sikep téh wajar tapi luhung, sabab
ngébréhkeun sikep ngamumulé jati diri, teu lali ka purwadaksina. Urang Galuh kudu miboga tabéat anu loyog jeung falsafah kagaluhan.

Dumasar kana kecap “galuh” anu miboga harti nu jero -- iwal ti harti anu
disodorkeun ku van der Meulen -- jeung ajén nu luhur, sacara teori, ngaran Galuh bisa jadi pameungkeut pageuhna “kaduluran”, khususna di antara sasama urang Galuh. Eta potensi téh cukup penting hartina pikeun otonomi daérah (otda), sabab otda ngandung harti kudu ngamangpaatkeun sagala daya nu aya di daérah, kaasup sdm (sumber daya manusa).
Mugia asal ngaran Galuh balik deui ka Galuh, tinekanan.


Bandung, 8 November 2003
Dr. A. Sobana Hardjasaputra, S.S., M.A.*
*Sajarawan Fakultas Sastra Unpad asal Galuh/
Anggota Pangurus Pusat Studi Sunda

Leave a respond

Posting Komentar